TEKS NADHOMAN ANAK YATIM VERSI BAHASA SUNDA

Nadhom Anak Yatim dalam Bahasa Sunda

Kanjeng Nabi ngajamin ka Anak yatim

dina ‘idil fitri pang saena musim

Bade angkat ka Masjid bade netepan

‘idil fitri aya budak seuseugrukan

                Nangis pipir masjid baturna arulin

                Rayap rame seunang bungah keur arulin

Manehna nyalindung semu seudih bingung

Kanggo kawai tambal butut ngalanglayung

Kapendak ku Rasululloh ros di bujeng

Ditaros kunaon nangis bae ujang

                Pan ieu the dinteun bungah dinteun seunang

                Geuning ujang nangis kawas eukeur bingung

Jawabna teh aduh Gusti yaktos pisan

Ieu dinteun bungah dinteun seuneung pisan

Seuneung soteh ka jalma nugaduh rama

Keur ka abdi mah ngaraos teu sugema

                Ku ayana ‘idil fitri manah ringrang

Ingeut kana diri hirup the nyorangan

Kiyeu rasana nudi tilar ku rama

Hirup sangsara beda sareng sasaha

Teuras ku Rasul teh dipangku dirau

Aduh ujang tos ngahudang macan turun

                Na iraha jeung di mana rama tilar

                Jawabna the ceunah waktos peurang badar

Nudi pingpina ku kanjeng Rasululloh

Duka teuing anu mana heunteu wawuh

Abdi ngagangsing hoyong meser anggoan

Kanggo senang bungah sareung rerencangan

                Tapi ibu ka abdi kalakah nundung

                Atos tilu dinxteun ieu abdi pundung

Aduh kasep nyaah deudeuh teuing ujang

Apan ieu rama gusti rama ujang

Hayu urang ngadeuheus enggal ka Ibu

Aisyah di bumi urang gentos baju

                Kanjeng Rasul bari nangis hey Aisyah

                Ieu putra urang anu nuju susah

Nyaeta ramana the parantos tilar

Dina waktos pupugeutna peurang badar

Dauh Isyah the bae putra ibu

Tos timana urang siram gentos baju

                Hey Fatimah ieu angkeun rai anjeun

                Hey Ali geura araku dulur anjeun

Mana cucu deudeuh Hasan sareng Husein

Ieu mamang anjeun geura ajak ulin

Fatimah Ali Hasan Husein mideudeuh

Ngankeun dulur rai teras dibubungah

                Dugika keun leungit rasa kayatiman

                Ngangkeun ibu rama Rasul anu Haiman

Saur Hasan Husein yu mang urang ulin

Sareung batur urang ameung gulen lilin

Teras ameung suka bungah ulin gatrik

Rasul teuras ngalakonan ‘idil fitri

                Tah sakitu riwayatna Nabi urang

                Ngajamin ka anak yatim conto urang

 

Pikeun conto urang keur hirup di dunia

Tiru ahwal ucap kanjeung anu mulya

Mudah-mudahan urang husnul khotimah

Maot teuteup iman islam pasti geunah

                Susuganan ieu ageing manfaatna

                Kanu maca anu butuh syafa’atna

Sareung urang diangkeun pisan umatna

Umat kanjeung umat anu pang mulyana

Sareung urang ngareup-ngareup syafa’atna

Anu dingaranan syafa’atul udhma

                Aamiin aamiin aamiin yaarobbal ‘alamiin




YANG BUTUH TEKS NYA BISA DWONLOAD LINK DIBAWAH INI


Tidak ada komentar:

Posting Komentar